Friday, November 25, 2011

Carpon Bahasa Sunda

Imah Primitif

Unggal lebaran sim kuring pasti mudik ka lembur, Desa Ciogok. Sim kuring sok sono ka suasana kampung nu masih asri kénéh, bisa nenangkeun jiwa jeung pikiran nu geus mumet salila kuring sakola SMA di Kota. Di desa Ciogok ieu, biasana kuring ka imah Nini ti bapak, kuring nyebutna ‘ema’. Imah ema aya di tengah-tengah hutan, pokokna masih kénéh primitif. Di daerah éta ngan aya 10 imah.
Tah salah sahiji imah nu aya didinya misterius pisan, sim kuring sok sieun sorangan mun ngaliwat ka imah éta. Aurana téh beda pisan, pikasieuneun. Jeung deui aya aki-aki nu anéh nu ceunah mah tinggal di éta imah. Sim kuring sebenerna mah penasaran ka éta aki-aki. Mun sim kuring ngaliwat, éta aki-aki biasana melongkeun, nepi keun ka simkurig ngeberebet lumpat. Panonna nu geus péot, nutupan bola matana nu sakilas kaciri warna abu.
“Ma, éta kunaon sih mun abdi ngaliwat ka bumi nu di ujung pasti wé si aki-aki ningalikeun, bangun nu ngéwa ka abdi téh. Padahal wawuh gé henteu, ma” Kuring nyarita ka ema.
“Yeuh, Wilmar, tong sok kitu ka kolot téh, kudu ngahargaan! Ngaranna gé aki-aki tong sok suudzon ah, mendingan ku manéh dideukeutan, ajak ngobrol, karunya didinya téh ngan sorangan si aki téh.”
“Ari ema, puguh abdi téh sieun, kadon nitah ngajak ngobrol. Tong boro ngobrol, ningalina gé abdi mah tos bibirigidigan..”
“emh ari budak bet ngedul-ngedul teuing, manéh téh di titah ku ema, doraka siah. Jig buru ieu seupan hui anterkeun ka si aku, awas mun henteu!”
Kuring sieun pisan mun kudu nganterkeun ieu kulub hui ka si aki. Kumaha mun ujug-ujug si aki téh robah jadi monster atawa bisa maéhan kuring? Ah kacau! Tapi da, kuring gé teu bisa ngalawan ka si ema. Aduh, kudu kumaha atuh? Jaba geus burit, makin wé pikasieuneun. Hhmm, nya eunggeus lah kuring kudu wani! Maenya ka aki-aki péot sieun? Kudu wani!
Kuring langsung maké sendal jepit, mawa boboko nu eusina seupan hui ieu. Sim kuring leumpang lalaunan, sabenerna mah sieun pisan mun téréh nepi ka imah si Aki, tapi mun teu buru-buru,mereun kaburu peuting? Pararoék.
“Punteeeennnn, Assalamu’alaikuuuuuummmm.. Ki, akiiiii...” sim kuring ngawanikeun ngagerowan si aki. Teu lila si aki ngajawab “Wa’alaikum salam, jang, sakedap.” DEG! Bet aya deuih ieu si aki, kuring sieun pisan ngadangu sorana gé, komo papanggih, komo deui ngobrol!
“aya naon jang?” Si aki ujug-ujug aya di hareupeun sim kuring.
“Eh, ehm, pun, punten Ki.... i i i ieu a a a aya seupan hui ti si ema..” Kuring nyodorkeun éta boboko bari nungkul.
“Biasa wé atuh jang tong kasieunan kitu ka Aki téh, da Aki mah lain Jurig! Mangga sok linggih heula urang ngobrol-ngobrol bari ngopi ieu seupan hui.”
“Mangga ki, abdi badé ngabantosan heula ema”
“Hayu ah.” Si aki ngabetot kuring ka jero imahna. Kuring deg-degan ngabayangkeun bisi si aki rék ngabunuh kuring, siga di félm-félm Horror.
“Mangga Jang, calik.”
“Nuhun, Ki..” kuring kasieunan pisan sanajan ieu aki geus rada mendingan ayeuna mah.
“Jang, puntennya mun Aki sok nyingsieunan Ujang. Sabenerna mah Aki téh héran naha bet aya jalmi nu miriiiiip pisan sareng Putra Aki nu tos teu aya.”
Kuring reuwas pisan ngadangu éta. Si aki tuluy nyarita ngenaan anakna nu maot gara-gara kagileus truk torongton. Ceunah mah baheulana téh si aki inohong di Bandung, beunghar pisan, ngan tisaprak budak lalakina maot, jadi wé si aki téh pindah ka lembur ieu. Teu kuat ceunah di kota mah kaingetan waé ka budakna. Kabéh hartana disumbangkeun ka panti asuhan.
Ngadangu éta, sim kuring jadi karunya ka Si Aki. Hirupna meuni sepi, eweuh nu ngabaturan. Sim kuring mulai ti ayeuna moal suudzon deui ka jelema. Ulah nilai jelema ti luarna hungkul.

1 comment:

  1. The Best Casinos in New Jersey - JTM Hub
    › 2021/11 › casinos-new › 2021/11 군산 출장샵 › casinos-new 김제 출장마사지 Jan 상주 출장마사지 11, 2021 — Jan 11, 2021 For example, the Borgata has 2,500 rooms, 영주 출장샵 nearly 25000 square feet of casino space, and one 군포 출장마사지 Borgata Hotel Casino & Spa recently purchased over 1,000

    ReplyDelete